Download - Khutbah Jum'Ah-Lailatul Qadar
-
.
. .
.hollumukamihaR ta'muj gnadis niridaH
-
Sakumaha nu kauninga, yen Allah Sw dina ieu
sasih ngadamel hiji wengi anu kalintang
istimewana, anu waktosna kaping dua puluh ka
akhirnakeun numutkeun hiji riwayat, nyaeta
wengian Qadar [lailatul qadar]. Dina eta wengi
Allah Swt ngabukakeun pintu ramhat anu salega
legana
Ngeunaan waktos lailatul qodar, Imam Ghazali
sakumaha nu kaunggel dina kitab Ihya
Ulumuddin nerangkeun yen dimana awal
Ramadlan ngawitanana dinten Ahad maka
kemungkinan Lailatul Qadar dina wengi ping 29
Ramadlan
Oge kacantum dina kitab Ianatuththaalibiin juz II
halaman 257, kaunggel:
:
.
-
Maka saupami shaumna dinten ahad atanapi
dinten rebo maka kemungkinan lailatul Qadar
dina wengi ping 29 Ramadhan
Dina kitab Hasyiyah ash Shaawi alal Jalaalain juz
IV halaman 337:
Saupami awal Ramadhan dinten ahad, maka
lailatu qadar dina maleman ping 29 Ramadlan
Samentawis numutkeun Hasyiyah al Bajuri ala
Ibni Qaasim al Ghaazi juz I halaman 304:
"Jeung lamun shaum dina dinten ahad, maka
malam lailatul qadar dina ping 27 Ramadhan"
-
Hadirin Sidang Jum'at Rahimakumulloh.
Rumus-rumus iraha Lailatul Qadar bakal lungsur,
mung saukur hasil Ijtihad para Ulama, margi
kanjeng nabi nyalira kanggo nyambut Lailatul
Qadar, mantenna I'tikaf di masjid ti ngawitan
sapuluh wengi anu akhir.
:
) ( "Ti Sayyidatina Aisyah R.A : "kanjeng Rasululloh
SAW sok ngersakeun I'tikaf di masjid, tingawitan
kasapuluh wengi anu akhir dina unggal bulan
Ramadlan. Kituna the dugi ka pupusna [Hadits
Shaheh Muttafaqun 'Alaih]
Hadirin Sidang Jum'at Rahimakumulloh..
-
Teu pati-pati Rasulullah SAW I'tikaf dimesjid dina
sapuluh wengi anu akhir din sasih shaum, margi
mantena terang eta teh wengian anu kalintang
utamina kanggo diangge ibadah, sakumaha
pidawuh Allah SWT:
* *
* "Maleman nu mulya teh lewih hade batan sarebu
bulan, harita malaikat-malaikat jeung roh
tarurun kalawan widi pangeranna marawa sagala
timbalan. Salamet weh peuting harita teh nepi ka
medal balebat [Q.S al-Qadar : 3-5]
-
Jelas tur jentre yen lailatul qadr leres-leres wengi
anu utami anu mawa kana kamulyaan jeung
kabagjaan, diayakeun ukur sawengi dina sataun,
sehingga Rasulullah SAW sareng para
shahabatna ngahaja ngirangan kulem kanggo
kanggo nyeueurkeun I'tikaf di Masjdi,
ngamanfaatkeun waktos anu sakitu utamina.
Upami kanjeng nabi sareng para sahabatna wae
I'tikaf di Mesjid padahal kanjeng nabi tos dijamin
ka surga, kitu oge aya 10 sahabat nabi anu
dijamin lebet surga, tapi tetep dina nyambut
lailatul qodar mah marantena I'tikaf di Mesjid,
atuh komo urang anu teu acan aya jaminan
langsung kasurga
Hadirin Sidang Jum'at Rahimakumulloh..
Upami leres-leres hoyong dipaparin karunia anu
utama sareng dilipet-lipet pahala amal kasaean,
-
mangga urang sami-sami nyambut lailatul qadar
ku I'tikaf, nyeueurkeun shalat sunnah, tadarus al-
Qur'an, maos sholawat, tasbih, tahmid, takbir,
istigfar, maca buku-buku keislaman sareng jenis
ibadah nu sanesna.
Naon sababna urang kedah nyambut lailatul
qadar?
Sabab Lailatul Qadar teh hiji karunia khusus ka
ummat kanjeng Nabi Muhammad SAW, anu teu
dipaparin ka ummat-ummat anu sateuacana.
Sakumaha pidawuh Rasulullah SAW anu kirang
langkung hartosna "Sayaktosna Allah parantos
maparin ka ummat kaula wengian lailatul qadar
anu teu kantos dipaparn ka ummat-ummat anu
baheula" [H.R Dailami ti Ibnu Abbas]
Kumargi kitu, hayu urang sami-sami fastabiqul
khairot dina wengian lailatul qadar tegesna
berlomba-lomba dina kasaean ku ngajalankeun
ibadah dina Lailatul qadar
-
Mugi-mugi Allah Swt, maparin kakiatan ka urang
sadayana, dina wengi anu mulya tiasa
ngalakonan ibadah anu sautami-utamina;
kenging panghampura anjeunna, dipaparin
pahala ibadah anu saagung-agungna, pikeun di
dunya ayeuna terutami engke di yaumil akhir.
* "Jeung prak maraneh geura paheula-heula
ngahontal panhampura Allah jeung surga anu
legana sarua jeung pirang-pirang langit katut
bumi, anu dicawiskeun pikeun jalma-jalma
anu taraqwa [QS.Ali Imron: 133]
-
. .
. .
.
-
.
-
.
-
.
.
.
.
-
.
.
.
.